Si Otong jeung Si Ema
Ema:
Tong, tuh tingal si Asép. Leuwih ngora 2 taun ti otong, tapi ngajina geus
pinter jiga budak gedé, geus rék khotam. Béda pisan jeung otong téh geuning.
Otong:
Ma, si Asép mah
bisa pinter ngaji gé da sok diajaran unggal poé ku indung bapana ti leuleutik.
Jadi pas di tajug tos tinggal ngalancarkeun waé. Ari ema jeung bapa ngarasa
henteu sok ngajaran otong ngaji? Ema ngaji waé gé pan teu bisa. Bapa ngaji ngan
malem Jumat waé, éta gé ngan sasurat. Tara ngajaran otong ngaji, hayang boga
budak nu pinter ngaji. Aya-aya waé ema mah.
![]() |
| Sawah Cibeureum |
Si Udin jeung Si
Ujang: awéwé teu dicalana
“Keur naon manéh,
Din?”
“Kadieu Jang, itu
aya awéwé teu maké calana euy. Geulis pisan.”
“Tong bohong manéh.
Mana?!”
“Itu tuh nu
opatan.”
“Heueuh terus mana
nu geulisna nu teu maké calana téh?”
“Nya itu nu tengah.
Nu maké rok.”
“Koplok sia! Siga
téh heueuh teu maké calana.”
“Nya heueuh teu maké
calana, pan maké rok.”

Tidak ada komentar:
Posting Komentar