Mégumi jeung Kaoru
Iyeu obrolan si Mégumi jeung si Kaoru di film kartun Rurouni Kénshin épisode
32, basa si Kénshin geus indit rék ngalawan si Shishio
“Mégumi, manéh moal pernah ngarti naon nu ku urang rasakeun basa Kang Kénshin
nyarios ‘wilujeng indit moal balik-balik deui’ langsung di payuneun urang. Manéh
moal pernah ngarti.”
“Manéh bener. Tapi urang ogé bisa ngomong nu sarua ka manéh. Manéh moal
pernah ngarti naon nu ku urang rasakeun, da Kakang Kén malah teu ngomong
‘wilujeng indit moal balik-balik deui’ saeutik-eutik acan ka urang. Saencan manéh
ngomong jiga nu ngarti sagalana, kendalikeun heula haté manéh.”
Si Udin jeung Si Ujang: babaturan sombong
“Jang, tadi urang panggih si Asép. Sombong pisan euy ayeuna mah éta budak.”
“Panggih di mana? Sombong kumaha kitu?”
“Di angkot. Éta budak cicing waé padahal nempo urang. Teu nyapa teu naon. Cicing
waé.”
“Terus manéh nyapa si Asép teu?”
“Nya henteulah, rék naon nyapa. Si Asépna ogé cicing waé. Sombong ayeuna
mah.”
“Nya berarti saruana éta mah atuh. Manéh ngomong si Asép sombong pédah teu
nyapa, nya manéh ogé atuh sarua sombong da teu nyapa si Asép.”
“Maenya?”
“Nya tong langsung mikir nu goréng-goréng atuh. Bisi waé si Asép pangling
kana beungeut manéh da geus lila teu panggih. Nya manéh lain nyapa tiheula. Mun
manéh sarua cicingmah nya manéh ogé sombong atuh.”
“Heueuh nya. Pinter ogé
manéh euy.”

Tidak ada komentar:
Posting Komentar